MUN ISUK AYA KÉNÉH KARYA DIANA PUSPASARI SDN 2 BANJARSARI

 



MUN ISUK AYA KÉNÉH

DIANA PUSPASARI


Mun isuk aya kénéh

Kuring rék néangan pangarti

Néangan élmu

Supaya ngawuruk ka balaréa


Mun isuk aya kénéh

Kuring hayang sodakoh sing loba

Mun bisa nepi ka érép harta kabéh

Mun bisa nepi ka teu boga nanaon deui


Mun isuk aya kénéh 

Rék sujud moal hudang-hudang

Rék solat sing loba

Sangkan teu éra ditanya ku malaikat


Mun isuk aya kénéh 

Rék ngaji sing loba

Méh boga batur di alam kubur

Da geuning nyorangan


Eleuh geuning aya nu datang

Eleuh geuning kuring di tanya

Man Robbuka?

Kudu naon atuh waleranna?

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MUN ISUK AYA KÉNÉH KARYA DIANA PUSPASARI SDN 2 BANJARSARI"

Posting Komentar