Linda Jeung Maya

Linda jeung Maya tẻh dua budak anu sok bareng - bareng ti leuleutik. Ti jaman orok keneh ogẻ geus bareng, sabab kolot Linda jeung Maya tẻh babaturan deket ti jaman SD keneh. Linda jeung Maya ogẻ dibabarkeunana ogẻ bareng. Imah Linda jeung Maya gẻ pahareup hareup, hampir unggal poẻ Linda jeung Maya tẻh ulin bareng.

            Dina hiji po Linda jeung Maya keur lempang bari mawa congklak.”Linda iyeu rẻk ulin dimana?” Tanya Maya ka Linda.”Ulin di deket kebon bapak abi  wẻ yu” Ceuk Linda.”Oh hayu atuh ke bari ulinan mamasakan”. Tuluy Linda  jeung Maya ka kebon bapak Linda. Jarak ti imah Linda jeung Maya  ka bapak Linda tẻh ngan 200 meter hungkul.

            Teu lila Linda jeung Maya nepi di kebon bapak Linda. Gẻk diuk,Linda jeung Maya diuk tuluy ulinan congklak.”Linda kuwuk na kurang dua kumaha atuh?” Ceuk Maya ka Linda.”Kẻla abi rẻk nyokot batu heula” Ceuk Linda. Tuluy Linda nyokot batu dua.”Tah May batuna, geus pas kan?” Ceuk Linda. Tuluy wẻ Linda jeung Maya ulina congklak.

            Teu karasa Linda jeung Maya ulinan congklak tẻh geus 2 jam.Teu lila aya indung Maya jeung indung Linda nyampeurkeun.”Hadeuh maraneh tẻh sugan tẻh keur disaung deket sawah teu apal mah aya didie” Ceuk indung Maya. “Bosen atuh di  saung deket sawah waẻ ulinna” Ceuk Maya.”Uih heula yu wang botram di bumi Maya” Ceuk indung Linda. “Hayu!!!” Ceuk Maya jeung Linda bareng. Korejat cengkat, Linda jeung Maya cengkat tuluy laleumpang ka imah  Maya.

            Sanepina diimah Maya, Linda jeung Maya diuk di deket ninina Linda.”Adeuh Linda jeung Maya meuni tos ageungnya, sehat?” Ceuk nini Linda.”Alhamdulillah, sehat ma” Ceuk Linda jeung Maya. Tuluy wẻ balotram.Laukna meuni loba aya lauk, daging, lalap jeung sambel.”Duh meuni enak pisan, iyeu saha nu masak?”  Ceuk Maya. “Mamah nu masak jeung  nini Linda” Ceuk indung Maya.

            Saengges botram tuluy kamarasjid bareng rẻk solat duhur.Sangges solat duhur  tuluy Linda jeung Maya kas imahna Linda rẻk maca buku bareng.”Hayu Maya macana dikamber abi wẻ” Ceuk Linda. Tuluy Linda jeung Maya ka kamber Linda. Linda tuluy mawa  buku carita dina lomarina. Maya jeung Linda tuluy maca buku bareng – bareng.Teu lila Maya jeung Linda kasarean.



Karya : Yulia Hermawati

Kelas : 6

SDN 1 Sindangsari Kec. Banjarsari

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to " Linda Jeung Maya"

Posting Komentar